Home » Bahasa Sunda, Carita Pondok

Carita Pondok: Padma

1 September 2010 No Comment Kontributor : g.gunawan

Carpon Dadan Sutisna

PADMA ngajanteng sisi jalan. Semu cangcaya kana téténjoanana, maké jeung gigisik sagala rupa. Suku ngedégdég, tur teu karasa aya nu nyalangkrung dina kongkolak panonna. Enya, geus runtuh geuning. Sidik runtuh, lain ukur téténjoan.

Jelema mimiti ngagimbung. Sigana urang lembur tamplok ka dinya. Silih tanya jeung pada baturna. Nu kumecrék baé aya, atuh nu olohok mata simeuteun gé teu kurang-kurang.

“Geus kolot teuing atuda,” cék Aki Salhawi nu nangtung gigireun Padma, lir ngomong ka diri sorangan. Maké kénéh kopéah, disarung, sigana kakara turun ti tajug.

“Sabaraha taun kitu yuswa téh?” Mang Kaja nanya.

“Lain umur déwék, Kaja, itu wangunan sakola,” pokna semu mureleng.

“Manawi téh… Naha bet runtuh, Ki?”

“Tangtuna gé lantaran kaina geus bobo, témbokna geus lukutan. Kituna mah dijieunna téh taun 1970. Bahanna saayana, wantuning meunang gotong-royong. Nepi ka ayeuna can kungsi dioméan. Pantes runtuh gé.”

“Karunya ka barudak wé. Eureun meureun dialajarna!”

“Wah, diajar mah bisa di mana waé. Balé désa ngajugrug, atuh di tajug gé moal aya nu nyaram,”

“Ari pamaréntah teu kadugaeun ngoméanana kitu?”

“Tong nanya ka déwék. Tuh tepungan Kuwu, sugan nyahoeun,” cék Aki Salhawi bari ngusiwel muka wadah bako. Terus ngalinting.

“Bako kawak, Ki?”

“Heueuh, paméré Si Darmita. Bisi rék ngasaan?”

Mang Kaja milu nyewol bako tina wadah palastik.

“Sakitu gé untung kénéh, Ki. Sakola téh runtuhna tengah peuting. Teu kasawang mun ngagebruna ti beurang, kumaha nasib barudak?”

Barudak sakola geus mimiti jul-jol. Maké saragam bodas-beureum. Ukur bati colohokna nyaksian wangunan sakola lir rata jeung lemah. Ku guruna jeung kapala sakola, barudak téh sina ngumpul di imah Érté Ocim nu teu jauh ti dinya. Sababaraha urang mah kalah ka riweuh mukaan buku. Ingeteun kénéh meureun, yén poé ieu téh rék ulangan matématika.

“Geus, geus, teu kudu mukaan buku. Ulanganana teu tulus!” cék Bu Guru semu kesel.

“Janten ayeuna libur?” hiji budak nyelengkeung ti tukang.

“Cicing wé heula. Engké dangukeun piwuruk Bapa Kapala!”

*

KA beurangnakeun, urang kacamatan ngurunyung maké mobil dines. Kuwu Iros mani cuh-cih. Ibu-ibu PKK sina nyadiakeun tuangeun keur urang kacamatan. Urang lembur gé mimiti singkil. Ngambreg ka lebah wangunan nu runtuh. Kaina dibérésan, kenténg nu pareupeus ditambrukeun deukeut dapuran haur. Korsi jeung méja mah neundeunna dipisahkeun. Papan tulis nu teu rénggot-rénggot téh, masih kénéh nangtung di rohangan kelas hiji. Aksarana écés kénéh: ini sekolah budi.

Réa nu kapanggih sajeroning mérésan wangunan nu runtuh téh. Struk gajih kapala sakola katut daptar potonganana, sigana tinggaleun dina méja. Dina laci méja guru, lian ti daptar hadir murid téh, aya nu manggihan lipstik. Kitu deui buku-buku nu maké stémpel “tidak diperdagangkan”.

“Amankeun, ulah diganggu!” Kuwu Iros hahaok.

Sanggeus patingharéwos jeung Kuwu Iros katut kapala sakola, urang kacamatan téh terus baralik. Cék Pa Kadés basa ditanya ku urang lembur, cenah urang kacamatan rék sagancangna méré laporan ngeunaan éta kajadian ka DPRD. Ngarah SD Pasisian buru-buru diwangun deui.

*

PADMA ngajanteng kénéh. Teu ieuh maliré nu keur paciweuh. Teu hayangeun mantuan deuih. Nu ngolébat dina pipikiranana: runtuhna sakola téh sarua jeung runtuhna pakasaban manéhna. Kudu pindah gawé kana naon, teu kaimpleng. Ongkoh geus puluhan taun deuih, milu nyiruruk di dinya téh. Sakola téh geus asa imah sorangan, bali geusan pangbalikan.

Geus dua puluh taun manéhna digawé di éta sakola, jadi pasapon, sakalian jadi tukang jaga. Pagawéanana meresihan pakarangan sakola, ngaladénan guru jeung kapala sakola, purah diutuh-étah. Buruhna ukur ngandelkeun piwelas guru jeung kapala sakola, jumlahna henteu tangtu. Minangka émbohna téh, pamajikanana muka warung tukangeun sakola. Daganganana sabangsaning kadaharan keur barudak.

Kuduna mah manéhna nyaksian basa éta sakola runtuh téh. Da unggal peuting gé apan tara ingkah warung. Ari kamari, pamajikanana hayang dianteur ka kolotna. Cenah rék titirah heula tilu bulan mah, da puguh keur pibulaneun, sageuy mun ngajuru di warung téh. Lian ti hareurin téh, jauh ka paraji deuih. Komo deuih, lian ti nu di kandung téh, kudu ngurus budakna nu tilu nu laleutik kénéh.

Imah mitohana rada jauh, katambah hujan ngaririncik, matak wegah mun balik deui ka sakola téh. Tungtungna mah milu saré di imah mitohana, isukna rebun kénéh rék buru-buru balik.

Tadi, isuk-isuk, basa anjog ka sakola, ngagebeg lain meumeusan. Sakola téh geuning geus rata jeung lemah. Warungna gé milu nyanggéyéng, katinggang naon boa mah. Manéhna inget kénéh di jero warung téh aya dadagangan jualeun ka barudak poé ieu.

Lain, manéhna téh lain sieun teu narima gajih. Éstuning panineungan anu napel baé mah. Sasatna digawé di dinya téh geus 20 taun, purah ngajaga sakola jeung diutuh-étah ku guru. Mani dédéngéeun kénéh, sora barudak nu keur diajar maca, atawa haokna guru nu keur nyarékan murid.

Dua puluh taun, manéhna ngawula ka wayahna, da pamohalan ari diangkat jadi pagawé negeri mah. Riweuh ngurus itu-ieuna, katambah manéhna mah henteu tamat SD-SD acan.

SD Pasisian téh perenahna di désa nu mencil, di tutugan gunung. Barudak nu dialajar di éta sakola, kabéhanana gé budak bulu taneuh, nu kolotna nandonkeun hirup tina tatanén.

Padma gé baréto mah teu bisaeun maca. Ngan ku sabab unggal poé nyaksian barudak diajar maca jeung nulis, tungtungna mah asa jadi murid, najan ukur ngelol tina kaca. Atuh kana lagu wajib geus apal deuih, bubuhan sok ngadéngé unggal poé Senén mun barudak keur upacara. Ti mimiti lagu Indonésia Raya nepi ka Gugur Bunga.

Di éta sakola ngan aya tilu rohang. Guruna tiluan, nu hiji ngarangkep jadi Kapala Sakola-Pa Umar ngaranna. Lalaki tengah tuwuh geus cetuk huis, tapi duka ku naon tacan pangsiun waé. Lian jadi guru téh, urusan duit sakola gé dicekel ku manéhna. Barudak nu diajar téh aya nu bagéan isuk aya nu bagéan beurang, wantuning guru jeung rohanganana henteu nyukupan.

Ngaguruan di dinya mah, nu ngaranna indit Subuh balik peuting téh lain bobohongan. Pa Umar kudu nikreuh lima kilométer, mapay sawah jeung meuntas walungan. Nu matak arang pisan guru nu daékeun ditempatkeun di dinya mah. Tempatna mencil, muridna balangor tur sareuseut mayar SPP. Ari Padma, meunang buruhna éstuning kumaha kanyaah ti guru nu sadrah nyongcay gajih saban bulan.

Ayeuna mah sakola téh geus runtuh. Meureun manéhna gé geus moal meunang deui buruh.

Boro geus diajam ti imah mitoha kénéh, datang ka sakola téh rék terus nepungan Pa Umar. Rék ngumaha. Sasatna nyanghareupan nu rék ngajuru, moal enya teu nyekel sapésér-pésér acan mah. Tapi niatna bolay ku téténjoan poé ieu.

*

PADMA ngajanteng kénéh sisi jalan. Poé beuki ngarayap, teu kanyahoan geus reup deui peuting. Manéhna neuteup ka lebah sakola. Teuing ku leleb. Aya nu ngelemeng dina sirahna, éta sakola kudu buru-buru diwangun deui. Barudak kudu dialajar deui.

Geus kitu mah rurusuhan ngajugjug imah Kuwu Iros. Rék ditanyakeun, iraha cenah éta sakola diwangun deui téh. Kuwu Iros katémbong siga nu capé kénéh. Éta wé, sajeroning nyanghareupan Padma téh henteu némbongkeun budi nu marahmay.

“Nyieun sakola mah béda jeung gerakan nyieun solokan. Kudu itu heula, kudu ieu heula!” pokna, semu nu kesel.

“Kumaha atuh nasib barudak?” Padma nanya.

“Har, naha nanya kitu? Tapi sigana, saheulaanan mah, ték dihijikeun jeung sakola di désa tatangga,”

“Apan tebih, Pa Kuwu. Kudu meuntas walungan sagala rupa,”

“Aéh-aéh, Padma mah teu kudu milu ka ditu. Da lain budak sakola,”

“Kinten-kinten, iraha tah sakola urang tiasa diwangun deui?”

“Nu kitu mah urusan gegedén. Bapa teu nyaho!”

Puguh gé, jawaban Kuwu Iros téh henteu matak sugema. Bisa jadi peuting éta mah pédah keur capé. Nu matak isukna geus ngurunyung.

“Cék émutan, pendidikan téh kalintang pentingna, Pa Kuwu. Nu mawi kedah saénggalna diwangun deui!”

“Cék sasaha gé penting. Tapi leuwih penting deui mikiran saha nu rék méré waragad keur ngawangun éta sakola?”

“Pamaréntah tangtosna gé.”

“Enya, saréréa gé nyaho. Ngan naha bisa téréh kitu? Moal. Ngawangun sakola téh butuh waragad nu lain saeutik,”

“Teras, iraha atuh?”

“Isukan!” cék Kuwu Iros bari ngagebrag méja.

*

GEUS ngajengeléng sakola téh. Malah cék Kuwu Iros mah leuwih agréng manan sakola di kota kacamatan. Manéhna cenah, nu uras-urus ka kabupatén, aya kana dua taunna. Guru-guruna diganti ku nu anyar. Pa Umar geus pangsiun, atuh guru ti heula ngajar di dinya, pindah pacabakan kana tani.

Diresmikeunana ku Bupati. Maké jeung nanggap dangdut sagala rupa.

Padma ngajanteng sisi jalan. Nyérangkeun ti jauhna.***

sumber: daluang.com

Related posts: