Home » Bahasa Sunda, Carita Pondok

Carita Pondok: Lini

5 September 2010 No Comment Kontributor : g.gunawan

Carpon Ahmad Bakri

Jam sapuluh peuting. Nu ti beurangna tas capé gawé mah geus talibra. Di jalan geus teu pati aya nu ngulampreng. Tu­kang baso waéh traktrak-tréktrék nakolan birit katél butut, nawarkeun daganganana, susuganan aya kénéh nu hayangeun nambul angeun pibekeleun saré.

Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarang­kong ngénca-ngatuhu, silih gonjak bari udud pataréma sake­nyot séwang.

Riyeg … riyeeeggg … riyeeeggggg ….

Jagat génjlong dibarung ku ngaguruh sora sagala sakur nu kaeundeurkeun. Jéréwét di ditu-jéréwét di dieu, nu tingweu­leuhweuh, nu takbir, lain wayah lain mangsa. Jelema riab kala­luar.

Ger cékcok di mana-mana, ngaromong teu puguh leun­jeur­­anana dibarung ku kasima. Cék nu meneran di imah, awak asa lénjong, réa parabot marurag tina lomari, tina bupét naon ku hanteu. Cék nu lulungu asa ngimpi dialungboyongkeun. Cék nu meneran keur leumpang di jalan, rarasaan téh cénah asa rék kateureuy ku jagat. Nyeueung jalan siga ombak-ombak­an.

Riyeg deui …. Éar deui …. Awéwé réa nu riwih-rawah, bari ngakeup ongkoh, nuyun ongkoh.

“Gustiiii … boa ayeunaaaaa …. Lebur kiamah téééééh ….!” Cék nini-nini bari eueuriheun.

“Ka dieu, nini, rék ka mana!” cék sora lalaki ti kebon cau.

“Rék … rék néang incuuuuu …!”

“Ulah … ulah ka mamana, bisi kumaonam!”

“Aaaaah … da melaaaang ka budak!” témbalna bari nga­béngbéos, lilinieunana beuki kacida.

Wanci tumorék, sasari mah iwal ti sora jangkrik jeung si­meut, harita mah ngadak-ngadak geunjleung. Jelema bahé ka luar, ka jalan. Barudak rungsing lulungu, keur meujeuhna tibra kagareuwah. Nu ngadat dina aisan dicombo ku susu indungna, di dinya di geusan pabaliut.

Pulisi jeung tentara matroli ka sakuliah kota, asa keur usum perang. Para pajabat jeung pamong désa teu cicing, lolongok ka ditu-ka dieu.

Geus rada leler meueusan, silih tanya, kumaha … kumaha … kumaha ….?

Jol nu rancucut, ngahodhod kawas hayam kabulusan.

“Nanaonan silaing téh kawas nu kabancuh?”

“Walah … sial, euy … heuheuheuheuheuh …,” cék nu di­tanya, ngaheuheuh awahing ku tiris.

“Ari kitu …?”

“Ngusial beuteung … heuheuheuh …. Lumpat ka balong bari lulungu …. Kakara gé gog na ana atuh ari riyeg téh … galéong waéh pacilingan runtuh …. Nepi ka diturunmandi­keun tengah peuting …. Jarijipen heuheuheuh ….”

“Naon tuh eusi patuangan téh …? Ogoan, lungsur mani kudu dianteur ku nu kagungan.”

Semet nyengir bari ngaheuheuh, huntu noroktok.

Ger béja, imah Dokter Gigi runtuh, imah Kuwu di Lembur­situ rebah, garasi, warung baso, garduh jeung réa-réa deui.

“Alusna mah toko Si Akoy nu rugrug téh nya euy,” cék sa­urang.

“Eum, sok aya-aya baé, ngadungakeun cilaka ka batur!”

“Tuman, bongan tara méré nganjuk!”

“Saha nu sudi nganjukkeun ka tukang ngajeblug!”

“Barina gé lebar ku Si Amoyna.”

“Bangsa babah mah tara keuna ku musibat.”

“Naha?”

“Diaping dijaring ku Tapékong béjana.”

“Wah, ngomong téh!”

Héaaaang sora sirine. Jelema caruringhak. Lar mobil ambu­lans kawétankeun. Ti mana … saha … ku naon …? Silihtanya pada teu nyaho. Jol motor nyusul. Diparegat, ditaranya. Urang Nagrak cénah, sakulawarga …. Imahna ambruk pisan. Kabéh tatu parna …. Dius deuih waéh …. Saréréa tinggarodeg, ting­karecrék ….

Jelema pabuis ka ditu ka dieu, silih longok, nu inget ka sobat, ka baraya …. Barudak ngora tingdaréngdék ngadé­déngé­keun, bisi aya béja imah kabogoh kumaonam.

Jol mobil disarurung ku limaan.

“Ku naon tatéh …?”

“Rék nganteurkeun nu cilaka ka rumah sakit.”

“Na atuh disusurung kitu?”

“Teu daék hirup …. Kagebah lini meureun!”

“Saha kitu? Ti mana?” cék nu nanya bari nempo ka jero mobil.

“Ti Sindangrasa, katinggang lomari!”

Nu nyarurung mobil nyarelang ngarambekan heula bari nya­rusut késang ku leungeun baju.

“Sok lah sarurung deui, agé-agé nepi!” cék nu nyekel setir.

“Ké heula … capé! Manéhna ngeunah nyéngclé …! Euweuh nu dagang bajigur-bajigur acan …. Garing tikoro!”

“Eum, sok aya-aya waé …. Cageur mantén atuh diselang jajan heula mah!”

Nu ngagimbung tingséréngéh ngadéngé supir ngomong kitu téh.

Sakeudeung-sakeudeung héang … sakeudeung-sakeu­deung héang sirine mobil ambulans, ngakutan nu carilaka …. Tengah peuting, bari tas manggih kareuwas pohara, kuku­rayeun ngadéngé kitu téh.

Nu srugsrog jeung baraya jeung sobat, silih rangkul bari maraca Alhamdulillah, urut tadi kamemelangan asa kaubaran, kajeueung salametna.

“Ari lini téh naon tuh asal-muasalna, asa gagah-gagah teu­ing?”

“Béjana mah aya gunung bitu ari kitu téh.”

“Wah, meureun kadéngé jelegurna!”

“Ari jauh …?”

“Ning oyagna nepi ka dieu?”

“Pan sajagat kaendagkeun!”

“Cék kolot mah … buta cénah nu nanggeuy jagat. Mun cangkeuleun sok nguliat. Nya eundeur ka urangna téh.”

“Lain kétah, lain buta!”

“Naon atuh?”

“Oray naga nu nanggeuy jagat mah …. Kabéjakeun geu­ning sok aya endog lini …. Pan buta mah tara ngendog!”

“Gandéng lah, ngaraco! Dongéng jaman tai kotok dilebuan ta mah! Paranti nyingsieunan budak.”

Jol érté ngiringkeun nu ngabébéyéng jelema, beungeutna balancunur.

“Ku naon tatéh …? Katinggang naon?”

“Katinggang peureup!” témbal érté.

“Eum, Pa Érté mah …. Nu leres … ku naon?”

“Disariksa …, tuman!”

“Ari kitu …?”

“Batur-batur narulungan nu cilaka, ari ieu kalah ka haripeut ngabadog barangna …. Ngagugubug tip!”

“Rék dikamanakeun ayeuna?”

“Ka Kantor Pulisi!”

“Ning Si Ébon!” cék saurang bari nempo beungeut nu ba­lan­cunur.

“Meujeuhna si éta mah,” cék nu séjén ngaharéwos ka batur­na, “baréto gé bapana keur sakarat, lain nungguan cara batur, kalah ka nanawarkeun balong.”

“Keur pawit ngadu meureun jeung keur meuli inuman pi­mabokeun! Cekékeun tétélo jelema kitu mah!

“Pan ayeuna gé sakongkol jeung lini …. Asa dijurung laku, dibéré jalan keur ngiruh!”

Lain saeutik korban lini téh. Katut Pa Camat mantuan mang­kuan nu carilaka, diunggah-unggahkeun kana ambulans. Geus puguh deui Pulisi jeung Tentara mah teu kaur mingé. Malah aya nu bobolokot getih balas mangkuan nu taratu.

Tambah ketir nyeueung nu kitu mah, asa nyeueung pilem lalakon perang. Béh dieuna asa jaman répolusi baréto.

“Asa reugreug nyeueung alat nagara kitu mah, nya euy!”

“Ari urang can kabagéan gawé. Taya pisan gadag, semet lalajo nu pabuis ….”

“Urang onaman ….”

“Onaman kumaha …? Da kawajiban saréréa nulungan nu cilaka mah …. Tugas kamanusaan, deuleu!”

“Mana atuh tulunganeunana? Ma enya nu cilaka kudu ko­ko­téténgan néangan nu rék nulungan! Kudu urang nu nyam­peurkeun!”

“Yu atuh urang ngider …. Lebar tanaga baso teu kamang­paatkeun!

Jol jajaka tiluan, tingtarempo nyidik-nyidik nu tinggarim­bung kawas aya nu ditéangan.

“Néangan saha, Ton?”

“Agus …. Aya di dinya?”

“Tadi mah aya …. Ngaléos deui.”

“Ka mana?”

“Nyao … ka imahna sugan …. Aya naon kitu?

Nu ditanya teu némbal. Gura-giru indit jeung baturna muru ka imah Agus. Nu ditinggalkeun panasaran, bring nalutur­keun, bisi aya tulunganeunana, bubuhan keur usumna.

“Tuh geuning sigana,” cék saurang bari nunjuk ka nu diuk di émpér imahna.

“Keur naon, euy, Gus?”

“Teu nanaon …. Ngareureuh tas ngider …. Taya nanaon di ditu?”

“Nyéta puguh rék ngabéjaan!”

“Ngabéjaan naon?” cék Agus ngoréjat.

“Si Enéng, kabogoh di dinya, kamusibatan!”

“Kapapaténan boa,” cék nu séjén, “da midangdam baé.”

“Saha nu cilaka téh …? Si Enéng …?” cék Agus teu sabar.

“Si Enéng mah nu midangdamna! Nu cilakana mah bapana boa …. Atawa … indungna sugan ….”

“Keun waé modar gé bapana mah …! Indungna kajeun …, cua, siga nu sarebeleun pisan …. Pédah déwék batan sakieu, ngaligeuh can boga gawé …. Sieuneun anakna dibawa kokoro meureun minantuan ka déwék mah!” cénah bangun nu sebel kabina-bina.

“Tah kabeneran, euy, ari kitu mah!” cék Enton.

“Naha?”

“Ayeuna waktuna nu mustari keur némbongkeun jasa …. Nyeueung silaing tohtohan mah piraku sugan haténa teu lilir …. Malik asih pasti …. Jadi minantu kadeuheus engké silaing, Gus!”

“Heueuh geura …. Minantu idéal cék basa ayeuna mah,” cék nu séjén mairan.

Ngahuleng waé Agus téh kawas keur mikir.

“Tong disapirakeun, euy, kasempetan alus kacida …. Mang­paatkeun, meungpeung aya pitulung lini!”

“Na enya kitu, euy?” cék Agus asa-asa, “sebel ku gedé-huluna gé déwék téh! Angot bebengok bapana mah, mani kawas neuleu anjing budug ari déwék ngulampreng hareup­eun imahna téh!”

“Heueuh ayeuna waktuna cekéng gé bangsa raja nu mi­nantuan ka anak si itu si éta, ari geus bukti mah kapahlawan­anana …. Lah … éta sirine ambulans aya ku matak ketir ….”

“Kudu kumaha atuh déwék ayeuna …?” cék Agus bangun bingung.

“Néang ambulans …, rawu ku silaing bapana atawa in­dung­na nu cilaka, bawa ka rumah sakit …. Kerong tah irung déwék mun itu teu malik asih ka silaing.”

“Kana naon atuh ka dituna …? Leumpang waé nya …?”

“Nelepon waé atuh ti … ti Kantor Penerangan nu deukeut!”

“Heueuh …. Yu atuh anteur!”

Bring waéh.

“Asa rék gedé mangpaatna nya euy lini téh keur Si Agus mah!”

“Hih tuda sagala ogé sugri Kersaning Pangéran mah taya nu teu mangpaat …. Kari bisa waé napakuranana …. Nu puguh waé geura, tukang kayu tukang tembok baris maréma, réa imah oméaneun.”

“Urang gé mun ditampik ku pimitohaeun mending ngon­dang sakadang lini, neda kamandangna.”

“Yéh, ngabarabékeun sajajagat siah!”

Srog ka Kantor Penerangan.

“Hallo …! Nyuhunkeun … eu … ambulans …. Hallo … ieu ti Kantor Penerangan …. Nyuhunkeun dikintun ambulans …. Muhun … nyuhunkeun énggal … répot …! Di … di Jalan Hanjuang No. 7 …. Muhun … énggal diantos!”

“Kumaha cénah?” cénah baturna.

“Sakeudeung deui cénah, keur nurunkeun heula korban ti Bolénglang …. Yu waé ka ditu, urang dagoan hareupeun imah­na!”

Bring ka Jalan Hanjuang. Hareupeun imahna kadéngé ké­néh nu midangdam téh. Tétéla Si Enéng, da wawuh kana sorana. Gék dariuk dina téras, capé tas leuleumpangan waé.

Héang sirine …. Gura-giru dipapagkeun ka jalan. Reg eureun hareupeun lawang buruan.

“Mana …?” cék supir ambulans.

“Ké antos!” cék Agus bari muru panto hareup.

Trok-trok-trok …. Ngadagoan sakeudeung …, trok-trok-trok deui beuki tarik.

Bray panto tengah muka, bréh bapana Si Enéng, bray deui panto hareup. “Aya naon?” cénah bangun reuwas.

“Itu … eu … abdi ngabantun ambulans ….”

“Ambulans …? Keur naon?” cék pribumi kereng sanggeus apal kana beungeut sémah.

“Sanés aya nu cilaka?”

“Hah …!?”

“Badé dibantun ka rumah sakit.”

“Cék saha aya nu cilaka?”

“Kakuping … eu … Enéng nangis.”

Gebrug panto ditutupkeun hareupeun irung Agus, ceklék dikonci. Tinggal Agus ngajanteng samar polah. Ngalieuk ka babaturanana geus areuweuh, naringgalkeun. Kari supir am­bu­lans kawas nu teu sabar, ngalangeu naleukeum kana panto mobil.

Torojol Si Encum, réncang di dinya, ti gigireun imah.

“Ku naon Enéng téh?” cék Agus bari nyampeurkeun.

“Sumilangeun …. Biasa Enéng mah ari badé kareseban téh sok siga ripuh pisan.”

Agus ngarahuh. Léos waéh muru pager gigir, jleng luncat.

“Héy … héy …! Rék ka mana …? Mana nu cilaka téh?” cék supir ambulans.

Ngabéngbéos waé calon minantu kadeuheus téh, teu ngalieuk-lieuk acan.

sumber: daluang.com

Related posts: