Konten pada Kategori "Bahasa Sunda"
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carpon DADAN SUTISNA
NGAJANTENG di setatsion, dibaturan koran salambar.
Tadi téh isuk-isuk, saméméh indit ka setatsion, kaburu kénéh lalajo télévisi. Méh kabéh cénel télévisi ngabéwarakeun kumaha riweuhna nu rék mudik taun ieu. Menteri Perhubungan diwawancara, ditalék kumaha tarékah pamaréntah nyadiakeun tutumpakan keur nu rék baralik ka lembur. Teu kalis ku kitu, réporter ti unggal télévisi méré gambaran kumaha pasesedekna di setatsion jeung terminal beus, kumaha polah jalma-jalma nu hayang paheula-heula balik ka lembur. Asana taun tukang gé teu jauh bédana. Angger matak riweuh.
Éta béja téh, geuning henteu ngabukti. Hanas tadi rurusuhan indit …
Bahasa Sunda »
Ngaraas anjeun dina titik-titik piksel
Bet ngucuprak haté kuring laju tilem ka juru-juru monitor
Panon anjeun ngababantar lebah zoom 100 persén
Ngatumbiri rénghap kuring tina bodas kana kayas
Ngarandegkeun kiceup dina gradién harepan
Ngusap biwir anjeun dina jorélat-jorélat kursor
Bet sumeblak pikir kuring laju eunteup dina kalangkangna hégak
Riab-riab buuk anjeun ngamuara kana riak résolusi
Ngawirahma ratug kuring kabeulit rindat ngabigeu
Ngantengkeun kakeyeng sina tibra sarénghapan
Ramo kumejot dina tuktekna sora mouse
Kursor nerejel hayang nuyun jirim anjeun
Sina ngampih ditulakan
Dina folder kuring sorangan
Ngahariring jirim anjeun ‘na anyaman warna-warni
Ngabangingik ratug kuring ‘na saban ketrukna keyboard
Basa guntreng geus lekasan
Potrét jépég nyangsaya tinggal sasemplék
* …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carita Pondok DADAN SUTISNA
(Tribun Jabar No. 3774/4 September 2010)
TAJUG geus réhé. Padahal méméhna, Ustad Patma ngabéjaan yén ayeuna téh peuting laélatul qodar. Simpé sotéh, cék haté Rasmita, boa lain pédah euweuh pangeusina. Boa di jero mah pinuh, ngan keur papada husu nyorang peuting sarébu bulan, nepi ka jempling teu kapireng nanaon.
Jegoh deui, Rasmita batuk. Unggal jegoh, dunya téh sok asa poék, da puguh nu nyeri dina angen seueulna teu katulungan. Tapi ayeuna, siga peuting méméhna, manéhna bisa kénéh nénjo langit nu hieum. Unggal …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carpon Ahmad Bakri
Cilamping téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua.
Imah-imahna kabaheulaan kénéh, hateup injuk julang ngapak, bilikna képang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gedé sakitu mah, ngan teu pati kapiara, …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carpon Ahmad Bakri
Jam sapuluh peuting. Nu ti beurangna tas capé gawé mah geus talibra. Di jalan geus teu pati aya nu ngulampreng. Tukang baso waéh traktrak-tréktrék nakolan birit katél butut, nawarkeun daganganana, susuganan aya kénéh nu hayangeun nambul angeun pibekeleun saré.
Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarangkong ngénca-ngatuhu, silih gonjak bari udud pataréma sakenyot séwang.
Riyeg … riyeeeggg … riyeeeggggg ….
Jagat génjlong dibarung ku ngaguruh sora sagala sakur nu kaeundeurkeun. Jéréwét di ditu-jéréwét di dieu, nu tingweuleuhweuh, nu takbir, lain wayah lain mangsa. Jelema riab kalaluar.
Ger …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carpon Dadan Sutisna
PADMA ngajanteng sisi jalan. Semu cangcaya kana téténjoanana, maké jeung gigisik sagala rupa. Suku ngedégdég, tur teu karasa aya nu nyalangkrung dina kongkolak panonna. Enya, geus runtuh geuning. Sidik runtuh, lain ukur téténjoan.
Jelema mimiti ngagimbung. Sigana urang lembur tamplok ka dinya. Silih tanya jeung pada baturna. Nu kumecrék baé aya, atuh nu olohok mata simeuteun gé teu kurang-kurang.
“Geus kolot teuing atuda,” cék Aki Salhawi nu nangtung gigireun Padma, lir ngomong ka diri sorangan. Maké kénéh kopéah, disarung, sigana kakara turun ti …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carita Pondok DADAN SUTISNA
KEUR reureuh di hotél, dua bulan katukang, basa manéhna aya nu nélépon téh. Harita di Hotél “Tibra” keur aya seminar “Prospék Budaya Lokal” nu diiluan ku guru-guru jeung panitén budaya. Ku panitia manéhna dipentés jadi panyatur.
Angkeuhan téh rék gégéléhéan heula, bari ngadagoan waktuna seminar. Kasebutna panyatur ti luar kota bari remen dipaké di mana-mana, ku panitia téh éstuning dipupujuhkeun. Dipangmesenkeun hotél gé nepi ka sapoé-sapeuting, padahal seminarna mah ukur satengah poé.
Rék ngagolédag pisan, hapéna disada. Télépon ti nomer anyar, can …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Carita Pondok Dadan Sutisna
Aksara dina jampana teh katembong deui. Bieu mah apan, basa kakara diturunkeun ti para, mani ampir teu katembong, da puguh pinuh ku kebul. Ngan sanggeus diberesihan, kakara beunang dibaca. Kekecapanana angger kawas baheula : Jampana Proklamasi.
Jampana teh wangunanana siga iimahan. Da eta we, make jeung aya suhunan, aya kentengan, aya bilikan. Dijieunna tina kai, ngan paranti nanggungna anu tina awi teh. Ukuranana oge henteu pati gede, kurang leuwih sameter ka satengah meter. Biasana, di jerona teh sok dieusian tumpeng dina …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Cartibag Dadan Sutisna
Bagian Tilu (Tamat)
TAH kitu, Ningsih. Moal enya éta dongéng dicaritakeun ka anjeun anu sakitu galak timburuna. Keun, da anjeun jeung Lisa mah béda alam ieuh. Lisa cicing di dunya nu pinuh ku pamikiran, kawas mikiran naon sababna mojang lembur bet bisa ngajaga kasucian – kaasup anjeun, sugan. Anjeun mah apan ukur mikiran rasa timburu.
Sakapeung, Lisa téh sok matak kagét. Sok méré “kejutan”, cék urang dayeuh mah. Kungsi apan, hiji peuting manéhna meredih, kumaha mun potrét nu ditaranjangan téh sina kawin jeung potrét …
Bahasa Sunda, Carita Pondok »
Cartibag Dadan Sutisna
Bagian Dua
RADA lila ngahuleng téh. Bingung kumaha nerangkeun gékgékanana éta potrét. Ari Ningsih, apan ti barang wanoh ogé, geus katangén resep ngingu timburu. Tong boro ayeuna nangénan potrét nu keur patangkeup-tangkep, upama apaleun kuring nganjang ka imah Pa Kuwu ogé, baeudna sok aya tilu poéna. Lain timburu ka Pa Kuwu, tapi ka budakna anu cék béja mah neundeun haté ka kuring.
“Ning, sanés badé murak kado?” cék kuring, nyobaan ngajak ngawangkong. Sugan manéhna geus palér. Tah, geuning, sada rék ngajawab. Maké dédéhéman …











